Senin, 16 April 2012

Misoshiru jeung Okonomiyaki


Dinten ayeuna, abdi  sareng rerencangan ameng ka bumina orang jepang, namina teh kenji. Naonnya sebatan anu geunah kanggo anjeunna aa atanapi akangnya? Upami aa da eta mah sebatan kanggo jalmi anu istimewa di hate abdi. Upami akang, asa kumaha kitunya nyebat na ge meni garetek …..hahaha soalna akang mah biasana dianggo kanggo nyebat senior pameget di kampus. Kumargi kitu, nya entos we lah kenji wae. Asa kirang sopan sih sabab benten umurna jauh pisan. Nya entos lah kenji wae. Upami ngabahas eta wae ieu tulisan moal rengse-rengse.

Carita na teh abdi diajak ka bumi na kanggo masak kadaharan orang jepang. Rerencangan kampus (sinta, orang bekasi) anu biasana ngiring teh teu tiasa ngiring dinten ayeuna mah. Da alim angkat nyalira abdi ngajak halimah ( rerencangan SMP anu asalna sami-sami ti subang), kawit na mah halimah the nyarios “muhun, abi ge bade ngajakan rerencangan deui nya wios?” eh tiba-tiba nga sms teu tiasa ngiring sabab aya peryogi sareng rerencangan. Tapi untungna rerencanganna anu namina the jesi tiasa ngiring. Sabenerna abi ge kantos papendak sareng teh jesi nuju ameng ka panti bayi. Teras abi ngajakan rerencangan kampus deui namina the besti (orang padang) tapi si besti mah teu tiasa ngiring sabab cape ceunah tos konser. Nya si eta mah aktip di kagiatan minang kitu lah, maklum da nya orang padang tea atuh.

Janjian sareng the jesi tabuh 10 di MCD dago, ai pek teh abdi ngantosan sekitar sajam an ieuh. Da macet saurna mah. Abdi jadi teu enak ka kenji sabab janjian na kan jam 10. Tapi tos ngawartosan sih yen bakal rada telat dateng na.

Dina waktos anu teu ditangtoskeun, abdi anu tos kesel nungguan jabi teu acan emam ti enjing-enjing. Nembe dompak ti subang deuih. Meni karaos pisan cape na tadi teh. Jalmi anu diantosan torojol dateng . alhamdulillah. Hayu ah urang mangkat ka bumi na kenji.

Jreng…jreng… jreng… dongkap di bumi na kenji. Istirahat sakedap teras dilajengkeun ku acara masak-memasak. Dinten ayeuna the saurna bade masak misoshiru sareng okonomiyaki. Upami okonomiyaki mah abdi ge kantos nga emam sih nuju ameng di acara festival budaya jepang anu hargana the awis upami teu lepat mah 15 rebu, sakedik deuih porsina. Aya nu nyebat yen okonomiyaki the sapertos pizza. Tapi saur abi mah da sapertos bakwan bin bala-bala tea. Soalnan bahan-bahan na ge nya hampir sami sareng bakwan. Bahan-bahan kanggo ngadamel okonomiyaki the diantawisna aya engkol, tarigu, dashi (penyedap rasa sapertos masako dari ajinomoto, tapi saur anjeunna mah dashi mah lebih alami sabab terbuat tina lauk), hurang anu aralit ( biasana sok disebat remis), daging sapi, endog, tepung kanji (aci panginteunnya) entos sakitu da. Mun benteun na ari okonomiyaki mah teu nganggo wortel. Teras upami hoyong leuwih lembut nganggo yamaimo (ubi ti gunung, sapertos sampe saurna mah) . tos kitu nya dicampur, digoreng weh. Tapi cara nganggoreng na nggangge minyak weh sakedik tong gejebar gejebur , nya sapertos ngadamel martabak we lah. 

Tos kitu si okonomiyaki na the di banjur mayonase sareng tonkatsu (aduh hilap namina,pokonamah warna na the coklat sapertos kecap tapi rasana benten atuh sareng kecap mah. Sabenerna mah nya anu namina tonkatsu the aya daging babian tapi anu ieu mah henteu da. Halal. Teu aya daging babian, meserna ge di jakarta. Jadi aman , halal). Biasana mah okonomiyaki the nganggo katsuoboshi ( ikan cakalang anu disuir2 , enak pokona mah). Tapi kumargi teu aya nya entos weh. ITADAKIMASU…OISHII YO.

Teras ngadamel misoshiru. Tah mishoshiru the nya merupakan makanan wajib kangge orang jepang. Biasana enjing-enjing orang jepang sok sarapan sareng sangu lauk na the misoshiru. Misoshiru the sop .  tos aya sih produk instanna jadi tadi the tinggal di rebus weh misoshiru instan, rumput laut kering. Tos di rebus teras weh di tuangkan ka mangkok anu tos dieusian ku bawang daun ( bahasa jepang na the oan, tadi abi culang cileng pas di piwarang nyandak oan. Da teu ngartos oan the naon. Haha) . ieu the mimitina abdi nga emam misoshiru. Enak geuningan, …..

Saentos misoshiru sareng okonomiyaki na seueup ngobrol-ngobrol sakedap. Nyarioskeun handphone. Orang indonesia mah rata-rata gaduh hp na the saorang minimal 2. Kunaon kitu? Saur kenji the. Nya sebagai orang indonesia, ah da abi mah hiji sih hp na wkwkwkkw. Nya biasana orang indonesia resep ngahemat. Ngahemat geuning hp na dua? Nya enya lah sabab orang indonesia mah ngasms na berdasarkan operator. Jadi upami operatorna na sami nga sms na ge leuwih mirah. Haha. Seueur hp tapi teu aya pulsaan mah nya keneh kenek kehednya nya. Hahaha.